Description
Ngadu Bako “Obrolan Sapopoé dina Koran Gala”, salah sahiji buku karya Taufik Faturohman. Hiji sastrawan Sunda, budayawan Sunda, jeung pangurus Persib. Sarua jeung buku-bukuna nu séjénna, ieu buku ogé témana humor. Tapi lain humor nu padu matak seuri, ieu mah humor anu berkelas, anu nyakola, dieuyeuban ku data.
Kahirupan sapopoé jeung dinamika katut absurditasna, ditepikeun dina wangun humor anu basajan tapi matak ngirut. Sakapeung nyintreuk, ngélékéték, tapi pinuh ku teuleumaneun. Ti mimiti carita model wangkongan di warung kopi nepi ka masalah kahirupan urban, naon anu keur jadi trending topik kiwari, nepi ka kumaha wijaksanana para karuhun. Kabéh ditepikeun dina guguyon anu hampang ngaguluyur. Sakapeung peureus, tapi teu matak nyigeung. Kritis tapi humoris.
Aya 50 carita dina ieu buku, anu saméméhna midang dina Koran Gala sapanjang taun 2024. Ampir kabéh nyaritakeun kajadian anu haneut, keur lumangsung (dina waktu tulisan dijieun). Masalah pulitik, sosial, budaya, basa, kulinér, nepi ka Persib jeung gossip anu keur jadi sabiwir hiji. Maca ieu buku asa keur ngobrol jeung sobat dalit anu sagala apal, tara béakeun ideu jeung topik keur ngawangkong, atawa dina basa Sunda mah disebut ngadu bako.
Penulis : Taufik Faturohman
Jilid : Soft Cover
Tebal Buku : 240 hlm
Ukuran Buku : 14,5 x 20.5 cm
Harga Rp : 96.000
Reviews
There are no reviews yet.